Assal amu’ alaikum wr. wb.
Bapa miwah Ibu anu ku sim kuring dipihormat.
Sateuacanna sumangga urang nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu  Maha Agung, anu parantos maparin kaséhatan sareng kakiatan ka urang  sadaya. Alhamdulillah, ku jalaran ni’mat ti manten-Na pisan, dina danget  ieu urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok di ieu tempat dina  raraga miéling ‘Hari Jadi KotaBogor anu ka….
Solawat miwah salam, urang sanggakeun ka Jungjunan urang sadaya, nabi  ahir jaman anu parantos nuyun sakumna umat kana jalan kamulyaan, Nabi  Muhammad SAW, ka kulawargina para sohabatana kalih ka jalmi-jalmi soléh  sapandeurieunana.Hadirin hormateun sim kuring!
Langkung tipayun sim kuring hoyong nyanggakeun pangwilujeng, réhna Kota Bogor ayeuna nuju milangkala anu ka….
Salaku urang Bogor, kantenan baé urang sawadina kedah reueus, jalaran  Bogor anu katelah “Kota Hujan” téh aya punjulna ti wewengkon séjénna nu  aya di Jawa Barat. Naon baé kapunjulan Kota Bogor téh? Upami seug  ditataan hiji-hiji mah kantenan seueur pisan. Dina danget ieu sim kuring  mung badé medar salangkung baé jalaran waktosnaa nu samporét.
Sakumahaa nu kauninga ku hadirin sadaya parantos ti béh ditu kénéh Bogor  kawéntar ka mana-mana ku kaéndahan alamna, sarta hawana anu matak  seger. Ku urang Walanda dugi ka disebat buitenzorg hartosna tempat  pikeun ngareureuh.
Bapa miwah lbu, sumangga urang tataan kaéndahan alamna. Bogor miboga  tempat-tempat wisata anu kalintang éndahna sarta kadeugdeug ku nu  ngaradon piknik ti mana-mana. Aya Kebon Raya, Taman Safari, Taman Bunga  Cibodas,Curug Cilémber, sareng sajabina. Salian ti kaéndahan alam, Bogor  ogé miboga tempat wisata budaya.
Di Bogor aya Istana Bogor, Museum Zoolog;, Museum Perjuangan tempat karajinan wayang, sareng sajabina.
Kantenan baé eta kaéndahan alam téh kedah diriksa ku urang sadaya. Upami  lingkungan alam ku urang diruksak tangtos bakal nimbulkeun mamala.  Balukar tina ruksakna leuweung, ku urang apan katingal aya musibat di  mana-mana. Naon margina?Jalaran manusa kiwari beuki sarakah beuki resep  ngaruksak kasaimbangan alam. Saban waktos tangkalan dituaran di  mana-mana, bari langka dipelakan deui sakumaha mistina. Balukama  gunung-gunung darugul, pasir-pasir bulistir. urug saban waktos. Banjir  saban waktos. Kitu deui banda budaya. Upami henteu dipiara dimumulé ku  urang tangtos bakal tumpur.
Hadirin hormateun sim kuring!
Rupina teu aya deui anu tiasa dipilampah “iwal ti hayu urang sasarengan, rempug jukung sauyunan miara sareng ngamumulé banda budaya sorangan. Hayu urang ngariksa alam sabudeureun ngarah tetep asri tur éndah. Hayu urang rampak tandang ngawangun Bogor lemah sarakan urang.
Mawa obor ka Cikarang,
mawa kisa ka Cianting.
Kota Bogor boga urang,
kudu diriksa dijaring.
Mawa obor sisi kulah,
di susukan aya hurang.
Kota Bogor lemah éndah,
kota panineungan urang.
Hadirin nu dipihormat!
Rupina sakitu nu kapihatur. Hapunten bilih aya basa sareng tata-krama  anu kirang merenah. Bobo sapanon carang sapakan. Langkung saur bahé  carék hapunten anu kasuhun.
Wassalamu’alaikum wr. wb.
(http://tatapakan.wordpress.com/2009/10/08/271/#more-271)
 
Saatos 5 taun nikah sareng salaki sareng 2 murangkalih, salaki kuring mimiti ngalakukeun anéh sareng kaluar sareng awéwé anu sanés sareng nunjukkeun ka kuring cinta anu tiis, dina sababaraha waktos anjeunna ngancam pikeun cerai kuring upami kuring wani naroskeun anjeunna ngeunaan urusanna sareng awéwé séjén, kuring musnah pisan sareng bingung dugi ka babaturan lawas kuring nyarioskeun ka kuring ngeunaan jampé mantra dina internet anu disebat DR.WEALTHY anu ngabantosan jalma sareng masalah hubungan kawin ku kakuatan kakuatan mantra cinta, mimitina kuring ragu upami hal sapertos kitu kantos aya tapi mutuskeun pikeun nyobaan waé, nalika kuring ngahubungan anjeunna, anjeunna ngabantosan kuring ngintip jampé cinta sareng dina 48 jam salaki kuring balik ka kuring sareng mimiti ngahaturkeun, ayeuna anjeunna parantos lirén kaluar sareng awéwé sanés sareng abdi kalayan kuring pikeun alus sareng nyata . Hubungi kasir jampi cinta anu hébat ieu pikeun hubungan anjeun atanapi masalah kawin anu bakal direngsekeun dinten ieu ku: wealthylovespell@gmail.com atanapi langsung WhatsApp: +2348105150446 DR.WEALTHY
BalasHapus