Contoh Pidato Sunda| Jangji-jangji Inohong kudu Ditedonan Jangji-jangji Inohong kudu Ditedonan
------------------------------------------------------------------
Contoh pidato ini mungkin belum  lengkap karena itu silahkan Anda lengkapi atau tambah jika menurut Anda  perlu dilengkapi.
------------------------------------------------------------------
Assalamualaikum  Wr.Wb.
Aujubillah himinassyaiton nirojim.
Bismilah hirohman  nirohim.
Ashadu ala ilaha illeloh wa ashadu ana  Muhamaddarosululoh. Allah huma soli ala syaidina muhammadi abdika  warosulika nabiyil umiyil wa ala alihi wasohbihi wasalim, ama ba’du.
Sagala  puji urang sanggakeun ka gusti nu maha suci dzat nu ngatur sagala eusi  dunya katut eusina, nyaeta Allah Subhanahu Wata Ala.
Sakumaha  hidayah sareng inayahna urang masi dipaparin nikmat sehat oge nikamat  iman sareng nikmat islam nyaeta nikmat anu pang ageung-ageungna.
Solawat  sareng salam urang curehkeun ka baginda anu mulya nyaeta Nabi Muhammad  Selewlohiu Alaihi Wasallam.
Kusabab anjeunanana urang sadaya  tiasa ngaraos nikmat iman sareng nikmat islam. Jeung mudah-mudahan urang  sadayana ka asup umatna amin yarobal alamin.
Hadirin anu sami hadir!
Dina momentum miémut medalna Galuh-Ciamis anu ka 368 ieu sim kuring perlu ngémutan ka para inohong anu kiwari disérénan amanah ku rahayat pikeun ngagem kalungguhan di badan ékskutif atanapi législatif. Nanging paralun maklum anu kasuhun, sim kuring sanés wakca ngalalancangan sumawonan mapatahan. Dina hal ieu sim kuring gaduh kawajiban pikeun ngalaksanakeun salah sawios parétan Gusti Allah SWT sakumaha anu diunggel dina surah Al-‘Ashr nyaéta antawis muslim sareng muslim kedang silih wasiatan dina nanjeurkeun haq (bebeneran) ogé kashabaran. (tawa shoubil haqqi wa tawa shoubish shabr)
Wiréh émutan rahayat tangtos panjang pisan, malihan tiasa mapat ogé parat dugi ka ahérat, nalika ngabandungan sadaya kasauran para wakil rahayat ogé para inohong dina nalika nyeuceup geugeut simpatik rahayat dina waktu kompanye. Nu mawi sakitu, manawi aya jangji pasini anu teu acan ngabukti, pasang subaya anu teu acan kalaksana, kumargi éta téh kalebet kana hutang mangga énggal-éngkal geura cumponan.
Hadirin hormateun sim kuring!
Slogan Ciamis ogé visi sareng missi Kabupatén Ciamis tinangtos henteu kirang sampurnana, malihan kalintang ahéng kabina-bina saupamina tiasa jangélék ngawujud janten kanyataan. Masrakat tatar Galuh-Ciamis upami ditilik tina hétérogénitas pendudukna kalintang tengtrem ayem, henteu loba tingkah paripolah anu hubunganana sareng tindakan anarkis, provokasi, denstruktif, ogé kagiatan pibahayaeun anu sanésna anu tiasa ngancam kana utuhna kasatuan sareng persatuan bangsa. Hal ieu tiasa kabuktos tina gebyegna masrakat Ciamis pakidulan anu némbongkeun kahayangna pikeun ngamekarkeun daérahna ti Kabupatén Ciamis janten Kabupaten Pangandaran. Prosés ieu sok sanaos henteu gampil kitu-kitu waé, nanging sakiwarieun mah alhamdulillah henteu aya “riak gelombang” anu mantak pihariwangeun.
Poténsi pikeun ngamajukeun Ciamis téh kalintang ngaleuyah pisan, malihan seueur pisan poténsi alamiah ogé pangwangunan titinggal Walanda anu teu bisa dioptimalkeun. Cobi ku urang titénan sabaraha legana tanah anu henteu jelas status garapanana anu dijadikeun lahan taneuh PJKA, ditarik ti kawit batas Kota Banjar ngajepat ratusan kilometer dugi ka  Cijulang. Mangga émut deui, saupamina lahan éta henteu produktif usahakeun pikeun dirobah janten langkung ekonomis pikeun kasajahtraan saréréa.
Teu kaitung tina poténsi perikanan laut, wisata, komoditas kalapa, kehutanan, pertanian, peternakan, mineral, jeung sumber daya alam nu séjénna. Piraku wilayah urang anu legana langkung ti tilu satengah kali lipat legana Singapura bari jeung sagala rupa sumber daya alamna lengkep pisan, maké henteu bisa ngaronjatkeun kasajahteraan?
Mung sakitu wae wawaran ti sim kuring bilih aya carita anu teu genah  didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun.  Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim  kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.
Bilahi  taofik walhidayah.
Wassalamu alaikum Wr.Wb.
 
Tidak ada komentar:
Posting Komentar