Naskah Biantara Pinunjul 2 Tingkat SMP
Alpukah Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat Taun 2008.
GERAKAN GANDRUNG TATANGKALAN
(RAKGANTANG)
Ku: Rudi Rinaldi
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh…
Girang Pangajén kalih hadirin sadaya nu dipihormat,
Langkung ti payun sumangga urang sanggakeun sagala puji ka Dzat Illahi  Robbi, sagala puja ka Alloh Azza Wajjalla, réhna dina danget ayeuna  urang tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina kaayaan séhat  wal’afiat.
Teu hilap solawat miwah salam mugia salalawasna disanggakeun ka jungjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW.
Girang Pangajén kalih hadirin sadaya nu dipihormat,
Simkuring neda widi sateuacan ngadugikeun jejer biantara, nepangkeun  wasta pun Rudi Rinaldi wawakil ti SMP Negeri 4 Darangdan, SMP nu  kawilang resik tur ayana di patempatan nu kalintang éndahna nya éta di  Desa Pasirangin, désa nu di lingkung ku gunung, disimbut ku halimun,  matak betah matak nineung.
Dupi jejer biantara nu badé didugikeun ayeuna, nya éta Gerakan Gandrung Tatangkalan anu disingget Rakgantang.
Sakumaha nu parantos kauninga ku sadayana, dina danget ayeuna kaayaan  lingkungan hirup urang parantos kalintang reksakna. Tatangkalan  dibukbak, leuweung digalaksak, huluwotan cai paburantak atuh seueur  jalmi nu balangsak balukar salah talajak!
Badé kumaha upami parantos kieu? Naha badé diantep waé?
Deudeuh teuing leuweung kahirupan. Nu sakedahna méré kahuripan, lain  kasangsaraan! Mana ayeuna nu disebut leuweung geledegan? Mana leuweung  ganggong sima gonggong? Nu aya kari gunung nu gundul – pasir nu  bulistir! Usum hujan pahibut urug jeung caah; usum halodo taneuh  bareulah. Patani ngangluh, aki pangebon humandeuar! Ladang tani tinggal  daki da hasilna teu nyukupan keur kahirupan!
Matak ngangres puguh ogé! Ngabandungan jalma-jalma cowong patinggorowok:  “Piara leuweung…, raksa tatangkalan…., riksa pepelakan!” Kanyataanana?  Ukur lalambé dina biwir wungkul!
(http://mgmpbasasundapwk.wordpress.com/2009/07/18/naskah-biantara-pinunjul-2-tingkat-smp/)
 
Saatos 5 taun nikah sareng salaki sareng 2 murangkalih, salaki kuring mimiti ngalakukeun anéh sareng kaluar sareng awéwé anu sanés sareng nunjukkeun ka kuring cinta anu tiis, dina sababaraha waktos anjeunna ngancam pikeun cerai kuring upami kuring wani naroskeun anjeunna ngeunaan urusanna sareng awéwé séjén, kuring musnah pisan sareng bingung dugi ka babaturan lawas kuring nyarioskeun ka kuring ngeunaan jampé mantra dina internet anu disebat DR.WEALTHY anu ngabantosan jalma sareng masalah hubungan kawin ku kakuatan kakuatan mantra cinta, mimitina kuring ragu upami hal sapertos kitu kantos aya tapi mutuskeun pikeun nyobaan waé, nalika kuring ngahubungan anjeunna, anjeunna ngabantosan kuring ngintip jampé cinta sareng dina 48 jam salaki kuring balik ka kuring sareng mimiti ngahaturkeun, ayeuna anjeunna parantos lirén kaluar sareng awéwé sanés sareng abdi kalayan kuring pikeun alus sareng nyata . Hubungi kasir jampi cinta anu hébat ieu pikeun hubungan anjeun atanapi masalah kawin anu bakal direngsekeun dinten ieu ku: wealthylovespell@gmail.com atanapi langsung WhatsApp: +2348105150446 DR.WEALTHY
BalasHapus