Biantara Laporan Ketua Panitia Pasanggiri Pupuh
Hatur nuhun ka pangatur acara anu parantos masihan waktos sareng tempat  ka sim kuring kango ngadugikeun laporan panitia. Salajengna sim kuring  seja ngadugikeun salam ka sadayana; assalamu ‘alaikum warohmatullohi  wabarokatuh, ditéma ku kedaling puji ka Gusti anu Mahasuci;  alhamdulillahi robbil ‘alamin, réhna ku ayana widi ti Anjeunna ieu acara  tiasa lumangsung kalawan lungsur-langsar.
  Hadirin anu dipihormat,
  Sim kuring sasanggem dina ieu waktos téh ngawakilan sakumna  réngréngan panitia anu parantos dipasihan kapercantenan kanggo  ngokolakeun kagiatan pasanggiri pupuh tingkat kacamatan. Sim kuring  saparakanca anu jumlahna opat welas jalmi kalayan resmi parantos  di-SK-an ku Bapa Camat dua sasih anu parantos kalangkung. Nya ti  ngawitan harita sakumna panitia cuh-cih; ngayakeun gempungan, nyusun  rarancang kagiatan, milarian waragad, nangtoskeun waktos sareng tempat  lumangsungna pasanggirinyebarkeun uleman ka sakumna calon patandang,  nangtoskeun déwan yuri atanapi girang pangajén, dugi ka derna pisan  acara dina dinten ieu. Sim kuring saparakanca seja ngahaturkeun nuhun ka  Bapa Camat anu parantos masihan kapercantenan kanggo janten panitia.  Ieu kedaling panuhun téh ogé disanggakeun ka sakumna sesepuh sareng  paraseniman katut budayawan, anu parantos masihan panuyun, bongbolongan,  sareng rupi-rupi bahan ka panitia. Tanpa ayana panuyun ti aranjeunna,  sim kuring saparakanca bakal seueur utag-atog dina ngalaksanakeun ieu  acara téh. Teu hilap deuih sim kuring saparakanca nganuhunkeun ka  Bapa-bapa sareng Ibu-ibu staf kacamatan katut lembaga sanésna anu seueur  pisan masihan bantuan ka panitia. Saterasna sim kuring saparakanca  nganuhunkeun ka sakumna masarakat kacamatan Cikarang, hususna pisan mah  ka anu ngariring ancrub jenten patandang ieu pasanggiri.Namung sok  sanaos kitu, alhamdulillah pangbagéa ti masarakat kaétang ageung.  Buktosna waé ti dalapan désa nu aya diwewengkon Kacamatan Cikarang,  sadayana ngintunkeun utusan. Salajengna ku sim kuring badé didugikeun ka  Bapa Camat sareng sakumna anu hadir; kanggo tingkat SD aya 46  patandang, sareng kanggo tingkat SLTP aya 18 patandang. Ku émutan sim  kuring mah ieu jumlah patandangtéh kaétang nyugemakeun.
  Jalaran patandang kaétang seueur, ieu pasanggiri téh badé  diduadintenkeun; dinten ieu sareng dinten énjing. Kanggo dinten ie,  patandang tingkat SD anu kabagéan waktos. Énjing giliran tingkat SLTP,  bari disakantenankeun sareng wawaran kajuaraan. Dupi pamasrahan hadiahna  mah insya Alloh badé disarengkeun dina acara resépsi 17 Agustus,  sakantenan badé digabungkeun sareng pamasrahan hadiah kanggo pasanggiri  katut perlombaan sanésna.
  Dupi pupuh wajib anu kedah ditembangkeun ku saban patandang nya éta  miling tina salasawios pupuh sekar ageng; Kinanti, Sinom, Asmarandana,  sareng Dangdanggula. Upami pupuh pilihanana, saban patandang tiasa  nyandak salasawios ti saluareun anu opat nembé. Boh pupuh wajib boh  pupuh pilihan, sadayana ogé parantos disadiakeun ku panitia.
  Dina ieu kasempetan,sim kuring sakantenan ngadugikeun sah-sahana  girang pangajén. Tangtos kanggo urang moal bireuk deui.Girang pangajén  disesepuhan ku Bapa Penilik Kebudayaan, lajeng diwuwuh ku réngréngan  anggotana anu seueurna opatan, nya éta Ibu Hajjah Cicih Sudarsih, Bapa  Drs. Diki Darmawan, Bapa Ahmad Sahroni, sareng Ibu Dra. Yuningsih.  Alhamdulillah, sadayana girang pangajén ayeuna parantos tiasa sumping.
  Hadirin hormateun sim kuring,
  Ieu pasanggiri tiasa lumangsung kumargi ayana pangrojong ti sadayan  pihak. Jalaran kitu, sim kuring saparakanca teu kinten nganuhunkeunana.  Pamugi waé kasaéan Bapa, Ibu, sareng Sadérék sadayana kalebet kana amal  anu baris diganjar ku Alloh swt., amin!
  Ku tiasa lumangsungna ieu pasnaggiri téh sim kuring saparakanca  gaduh harepan, mugi-mugi waé perhatosan urang kana seni budaya titinggal  karuhun sing tambih ngaronjat. Ieu pasanggiri pupuh, mugi-mugi sing  kalebet kana tarékah pikeun miara sareng mekarkeun salasawios jati diri  urang.
  Minangka pamungkas pisanggem, sim kuring saparakanca seja nyuhunkeun  dihapunten tina sadaya kakirangan dina ieu acara. Sok sanaos ari dina  leresan tataharna mah asa atos maksimal, tapi rupina ari kakirangan mah  sok aya waé. Janten, hapuntenna anu kasuhun, utamina ka sakumna  patandang, girang pangajén, sareng parauleman.
  Sakitu anu kapihatur. Pamugi ieu acara téh sing tiasa lancar dugi ka  lekasanana. Sareng pamugi waé aya dina rido Gusti Anu Mahasuci, amin!
  Wassalamu ‘alaikum warohmatullohi wabarokatuh.
 Sumber: Drs. Tatang Sumarsono. 2006. Biantara Basa Sunda.
Bandung: CV Geger Sunten.
(http://sundagasik.blogspot.com/2010/01/biantara-laporan-ketua-panitia.html)
 
Saatos 5 taun nikah sareng salaki sareng 2 murangkalih, salaki kuring mimiti ngalakukeun anéh sareng kaluar sareng awéwé anu sanés sareng nunjukkeun ka kuring cinta anu tiis, dina sababaraha waktos anjeunna ngancam pikeun cerai kuring upami kuring wani naroskeun anjeunna ngeunaan urusanna sareng awéwé séjén, kuring musnah pisan sareng bingung dugi ka babaturan lawas kuring nyarioskeun ka kuring ngeunaan jampé mantra dina internet anu disebat DR.WEALTHY anu ngabantosan jalma sareng masalah hubungan kawin ku kakuatan kakuatan mantra cinta, mimitina kuring ragu upami hal sapertos kitu kantos aya tapi mutuskeun pikeun nyobaan waé, nalika kuring ngahubungan anjeunna, anjeunna ngabantosan kuring ngintip jampé cinta sareng dina 48 jam salaki kuring balik ka kuring sareng mimiti ngahaturkeun, ayeuna anjeunna parantos lirén kaluar sareng awéwé sanés sareng abdi kalayan kuring pikeun alus sareng nyata . Hubungi kasir jampi cinta anu hébat ieu pikeun hubungan anjeun atanapi masalah kawin anu bakal direngsekeun dinten ieu ku: wealthylovespell@gmail.com atanapi langsung WhatsApp: +2348105150446 DR.WEALTHY
BalasHapus