Biantara Nyérénkeun jeung Narima Calon Pangantén
Biantara Sesepuh ti Calon Pangantén Lalaki
Saleresna mah ieu téh masih kénéh rénghap ranjug. Nembé pisan dongkap, tos dipiwarang biantara. Padahal ari kahoyong mah teras ngagolér, wantuning lalampahan ngajajapkeun calon pangantén téh kacida tebihna, di jalan ogé dugi ka opat dinten opat wengi. Nanging da haté mah kebek ku kabingah, ku kituna, simkuring ngahaturkeun: Assalamu’alaikum Wr. Wbr.
Hadirin anu sami-sami ngaluuhan ieu pajemuhan,
Alhamdulillah, ku panangtayungan Alloh SWT, dinten ieu urang tiasa riung mungpulung, kanggo langkung maheutkeun babarayaan, manjangkeun tali mimitran, antara kulawarga Bapa H. Among Suryabarata ti Bandung sareng kulawarga Bapa Éméd Latipah ti Kalimatan Timur. Sumuhun, ari sonona mah nataku, da puguh urang téh kasapih ku tebih kahalang ku anggang.
Simkuring asmana pun lanceuk, Bapa Éméd, kapapancénan pikeun sasanggem di payuneun para hadirin. Ari maksadna mah, sakumaha anu diharéwoskeun ku anjeunna sababaraha dinten kalarung, seja masrahkeun putrana, Jang Omad Kadaluwarsa anu gaduh niat ngadahup ka putra Bapa Among, Néng Siti Sapuratina. Sanaos ari awak mah simkuring téh misah ti batur, nya jangkung nya badag nya hideung, nanging dina surun-sérén calon pangantén mah rumaos ngatog kénéh. Ku kituna seja tawakup ti anggalna, bilih aya kecap anu milepas meuntas tina jejer.
Bapa Among ogé tangtos parantos uninga, réhna pun lanceuk, gaduh putra anu sakitu cicingeunana. Duka dusun, duka mémang tos watekna, dugi ka umur 27 téh bangun anu henteu hir-hir begér. Gawéna ulukutek di kamar. Sigana sono kénéh ka buku ti batan ka nu lenjang téh. Atuh puguh pun lanceuk guling-gasahan, inggis ku bisi Jang Omad kumaha onam, malum jaman ayeuna seueur kacarioskeunana. Pun lanceuk mah apan sok togmol pisan: “Naha ari manéh teu hayang boga pamajikan? Kuliah geus tamat, gawé geus boga, umur geus manjing, tapi siga nu euweuh haté ka awéwé,” kitu saur pun lanceuk téh. Ari walerna: “Upami tos aya jodona mah, moal ka mana!”
Ari sataun kapengker, Jang Omad alangah-éléngéh, badé waléh tayohna téh. Cenah geus kaimpleng pibojoeunana, malah geus paheut rék teras ngawangun rumah tangga. Bingah tur panasaran pun lanceuk téh, énggal baé ditalék: “Mana atuh? Cik wanohkeun ka Bapa,”. Walerna téh: “Da abdi gé teu acan tepang!”. Beu! Na ari barudak ayeuna.
Sihoréng simanahoréng, anu dipicangcam ku Jang Omad, nya urang dieu pisan, urang Bandung. Kantenan sesah patepang, wantuning Bandung-Samarinda téh apan kalintang tebihna. Barudak téh wawanohan dina … duh na aya ku hilap, mana Jang Omad? (rarat-rérét) Dina naon cenah, Sujang? Tah, éta, dina internit, aéh na létah téh, in-ter-nét. Teu apal nu kararitu kolot mah. Da éta wé, ka dituna téh maké jeung cutang-céting sagala, terus silih kirim potrét.
Najan jonghokna di dunya maya, tapi apan jodo mah Anjeun-Na Anu Uninga. Bet terus dicukcruk pancakakina, geuning pun lanceuk téh rék bébésanan jeung baraya, atuh sasatna asa diaku dulur. Sumuhun, baraya kasebatna, da papada urang Sunda. Najan pun lanceuk tos 15 taun ngumbara di Kalimantan, nanging ari ka lembur mah angger baé nineung. Bingah, bingah nu taya papadana.
Langkung bingah deui, basa Jang Omad ngajak nganjang ka lemah Sunda, nepangan bébéné dina internét téa. Opat sasih kapengker, alhamdulillah pun lanceuk tiasa jonghok sareng kulawarga Pa Among, anu saterasna ngararancang pikeun ngadahupkeun Jang Omad ka Néng Siti. Henteu lepat tina pirasat, manahoréng anu diimpleng ku Jang Omad téh sanés istri joré-joré. Geulis rupa geulis haté. Sumuhun éta gé, barudak urang téh hirup dina jaman moderén, nanging geuning henteu lali ka purwadaksi, masih kénéh ngajénan adat titinggal karuhun. Buktosna mah, barudak meredih sangkan dina waktuna panganténan téh maké adat budaya Sunda, sanés ku budaya anu jolna ti nagara deungeun. Sanaos Néng Siti sakitu paséhna nyarios basa Inggris, sanaos Jang Omad sakitu hatamna kana komputer, tapi henteu mopohokeun ajén-inajén Sunda. Tah, éta pisan nu matak bingah téh.
Nguningakeun baé ieu mah, pun lanceuk téh, kalebet simkuring, 15 taun kapengker ngumbara ka Kalimantan, ngiringan transmigrasi. Alhamdulillah pinanggih sareng kamarasan, dugi ka ngadegkeun Pakumpulan Urang Sunda, ti dituna mah hoyong ngiring ngamumulé basa sareng budaya bantun ti lembur. Janten teu kedah hariwang, sanaos 15 taun janten urang Samarinda, ari niup suling sareng metik kacapi mah insya Alloh tiasa kénéh. Tuh, pan, bet jig-jig kana kacapi.
Bapa Among miwah Ibu sakalih, kitu deui wargi sepuh sadaya anu sami ngaluuhan ieu pajemuhan. Tepungna Jang Omad sareng Néng Siti téh, éstuning kersaning Alloh. Atuh cenah éta barudak gaduh cita-cita hayang ngahiji, ari kolot mah apan saukur nyambung ku dunga, asal ulah ngarérémokeun baé, asal duanana pada-pada suka henteu ngarasa diamprok-amprok. Nanging, kangaranan anu rék diajar rumah tangga, tangtos dina émprona téh talag-tolog sareng dirarampa kénéh. Biasana rék ulin ka mana gé taya nu nyaram, geus jadi salakina mah tangtu kasengker ku nu di imah. Biasana duit téh dibéakkeun ku sorangan, geus nikah mah kudu diatur ku duaan. Biasana saré téh … aéh, na bet jig-jig kana saré. Tah kitu Pa Among, simkuring asmana pun lanceuk nyérénkeun Jang Omad téh sanés mung raga badagna wungkul, nanging sareng sadaya kakirangan anu nyampak dina dirina.
Ari haté mah simkuring téh parantos yakin, badé pédé baé, Jang Omad tangtos ditampi ku kulawarga Pa Among di Bandung. Nanging, kanggo langkung ngantebkeun pamaksadan, nya seja nalék sakali deui. Bilih baé, Néng Siti teras ngolémbar, malum pun alo mah sakitu buktosna. Ku émutan, ti batan ngolémbar engkéna, nya mending balaka baé ti ayeuna. Papadaning kitu, simkuring mah percanten ka Néng Siti, moal unggut kalinduan moal gedag kaanginan.
Atuh Jang Omad, simkuring wantun ngajamin, dugi ka ayeuna masih kénéh ngait ka Néng Siti. Simkuring minangka sepuhna, tangtos isin binarung wéra upama Jang Omad lanca linci. Leres pisan deuih, Jang Omad téh masih kénéh nyorangan, teu acan kantos rimbitan. Dijamin teu aya watek cunihin, Néng Siti téh éstuning anu munggaran, sareng mudah-mudahan deuih janten anu pamungkas.
Simkuring saparakanca dongkap ka dieu, tebih-tebih ti Kalimantan, éstuning teu jingjing teu bawa téh sanés ukur lalambé. Kaémut panginten, kumaha riweuhna. Tadina badé nungtun munding, mung teu kasawang kumaha marabanana, kacipta kalahka begang di jalan. Ngabantun bungbuahan, kuriak buruk mantén. Tungtungna mah ngaligincing. Ongkoh asa kabebereg ku calon pangantén nu bangun teu sabar. Sajajalan téh ngan SMS-an baé, “antosan geulis, sakedap deui,” cenah, padahal nembé jrut ka buruan.
Sakitu panginten ti simkuring mah, bilih waktosna kabujeng teu nyekapan. Hapunten tina samudaya kalepatan.
Wassalamu’alaikum Wr. Wbr. (http://daluang.com/biantara-nyerenkeun-jeung-narima-calon-panganten/)